Kamis, 23 Desember 2010

pantun

a) RARAKITAN
1. Piwuruk
Sing getol dahar ragina
Ameh engke sehat raga
sing getol solat ti ayeuna
Ameh engke abus ka surga
2. Banyol
Pajar maleh meuli tang
Tapi katingali newak papatong
Pajar maneh anak pang
Tapi huntuna ompong
3. Silih asih
Kunaon hereuy wae baud
Singhoreng keur dahar ati
Kunaon budak teh baeud
Singhoreng keur patah hati

b) PAPARIKAN
1. Piwuruk
Boga duit indit kamekah
Duitna meunang ladang jamu
Boga elmu moal barokah
Mun henteu ngamalkeun elmu
2. Banyol
Si ojon meuli meri
Duitna meunang ngahutang
Si ojon tara daek seuri
Singhoreng waosna hideung




3. Silih asih
Hayang meuli kaos ewol
Meh jiga bang dodo
Neangan elmu teh kudu getol
Meh teu bias di bobodo

c) WAWANGSALAN
1. Sato darat tulalean
Asa moal ka jajah
Wangsalana : gajah
2. Luar leor awak panjang
Meni panjang sararay
Wangsalna : oray
3. Eta wajib dipigawe
Pikeun dunya aherat
Wangsalna : solat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar